Antara Inokashira jeung Shibuya | Kliping Sastra Indonesia | Literasi Nusantara: Puisi, Cerber, Cerpen Koran Minggu
Antara Inokashira jeung Shibuya Reviewed by Kliping Sastra Nusantara on 19:54 Rating: 4,5

Antara Inokashira jeung Shibuya

GEUS wareg mah neuteup dangdaunan maluguran di Taman Inakoshira, sok terus leuleumpangan. Tengtu wae tujuan saterusna ka Stasion Shibuya. Lain rek iinditan ka tempat jauh. Saukur diuk dina bangku di buruan stasion. Api-api maca buku. PAdahal mah hayang ngumbar lamunan. Sawaregna. Keun sina ngacacang ka mana-mana. Ngareunah, aya ku ni'mat, ngumbar lamunan di lembur batur. Moal aya anu natanyakeun kunaon-kunaonna.

KITU ampir unggal taun ari pakanci ka Jepang teh. Taman Inokashira jeung stasion Shibuya tujuan anu utama mah. Henteu nanaon henteu iinditan katempat sejen ge. Da dina hate teh ayanangan dua tempat eta. kungsi miho jeung Kawabata, ewe-salaki anu geus dianggap dulur, ngajakan ka Kuil Meiji bari maranehna jadi guide haratis. Sagala didongengkeun bari nunjuk tempat-tempatna. Tapi pikiran jeung rarasaan kuring meureun henteu siap, jadi pararoho deui naon anu dicaritakeun ku Miho teh. Enya, apan kuring laha-loho ka tempat kieu teh saukur nungguan Nining kabeneran pere, rek diajak ulin ka tempat-tempat sejen.

Di Taman Inokasira kuring sok resep ningali dangdaunan maluguran. Dangdaunan warna beureum keung koneng haliber diulinkeun angin. Siga anu henteu beak-beak. Atuh dangdaunan anu mayak, ditingali tikajauhan mah siga potret dina kalender. Kuring jeung Nining kungsi silih aeuran ku dangdaunan anu mayak. Tangtu wae bari silih udag teh bari seuseurian.

"Asih, tingali batur naringalikeun ka urang siga anu heran. Keun wae, da di lembur urang mah euweuh musim gugur. Euweuh dangdaunan mayak siga kien," seiuk Nining.

"Boa heran teh lain ningali urang ulin siga budak, tapi ningali urang siga anu keur bobogohan," tembal teh sakarepna.

"Sii...! Sakitu maru disebut bobogohan. Siga anu henteu boga agama wae!"

Kuring jeung Nining seuseurian. Hanjakal kontrak pagawean di Jepang mah geuning henteu bisa sagawayah bisa ijin cuti. Jadi, ari kuring kebeneran pakanci, ulin ka Tokyo, Nining mah henteu bisa cti.

Di Stasion Shibuya, resep teh diuk dina bangku panjang handapeun tangkal sakura. Ti lebah dieu, atra pisan lawang stasion anu lebar. Resep teh lamun geus aya kareta eureun. Henten lila, terus ngabudul  jelema, mangratus-ratus urang, kalaluar ti stasion. Leumpang rarusuh, muru tempat tujuan masing-masing.

Sok lila diuk di bangku panjang di hareupan Stasion Shibuya mah. Sakapeung sok bari muka bekel, sai enteh amis dibotolan jeung ngemil mochi. Kungsi popotretan di unggal juru stasion. Bari seuri, bari jebeng, bari sagala rupa gaya dicoba. Hiji waktu, kuring jeung Nining kungsi siga anu pasea di hareupeun Stasion Shibuya. Harita, kuring arek pesen tiket keur mulang isukan. Ari Nining ujug-ujug ngahalangan.

"ENtong tulus pesen tiket teh," cenah, halon mimitina mah.

Kuring ngaranjag. "Naha?" Nanya teh bari kerung.

Geus we Asih tong balik deui ka Indonesia. Urang neangan pangupa jiwa di dieu. Aya sobat Nining anu bisa ngasupkeun Asih ka pabrik kabel. Tinggal kursus basa Jeoang we saeutik mah. Ku Nining ge bisa diajarkeun."

"Nining! Moal mungkin atuh!"

"Naha moal mungkin? Emangna Asih geus boga kabogoh di lembur?"

"Lain masalah kabogoh. Asih mah apan geus gawe di ditu. Jadi PNS, henteu gampang hayang lulus teh."

"Sahebatna oge gawe di lembur, angger eleh ku penghasilan di dieu mah. Nining ge saukur lulus SMK, gajji teh ampir lima welas juta mun dirrupiahkeun mah."

Kuring neuteup Nining. Asa henteu kabade naon anu aya dina pipikiranana.

"Lamun geus hayang rumah tangga, urang neangan we anu sipit di dieu. Atawa urang lembur oge da rea. ENgke ku Nining dikenalkeun kana riungan urang Sunda di Jepang..."

"Geus ah Ning, Asih mah teu ngarti!" ceuk kuring bari ngaleosmuru tempat pesen tiket.

**
NINING teh sobat kuring ti mimiti asup sakola di SMP. Sabangku ti kelas hiji nepi ka kelas tilu. Duka pedah sarua nasib, sarua pada-pada geus ditinggalkeun ku bapa, kuring jeung Nining sosobotan layeut pisan. Sarua sok mawa daagangan ari sakola teh. Nining mah mawa gogorengan, seperti bala-bala, gehu, risoles. Ari kuring mah mawa otak-otak jeung sangu sakeupeul anu dijual lima ratusan. Lain ku resep-resep teuing mekel dagangan ka sakola teh. Tapi, lumayan bisa nabung. Jadi, ari aya kabutuh kudu iuran itu-eiu henteu kudu namprak  wae ka ema. Komo apan ari namprak ka ema teh sok tara katedunan gancang-gancang. Momondengna mah kudu era heula ditatagih guru, kakara kabayar.

Sakola ka SMK oge kaparengkeun bareng. Atuh dagang ningkat bari nitip-nitipkeun ke warung anu keukeut jeung sakola. Lamun balik sakola ateh sok silih anteur neang dagangan anu sititipkeun. Ku jalan kitu, sakola SMK teh tungtungna bisa lulus. Ema kuring jeung ema Nining silih gabrug bari carirambay basa kuring jeung Nining diwisuda. Sukuran oge apan tungtungna mah bareng di imah kuring.

Nining mah kaasup pinter. Keu SMK teh kapiilih anu dites pikeun digawekeun di Jepang. Aya kana opat bulanna tes jeung kursus, terus berangkat ka Jepang, gawe di pabrik elektronik. Ari kuring terus magang di Puskesmas, da keur SMK teh jurusan gizi. Kebeneran dua taun tiharita, tes PNS bet lulus.

**
KEUR ngalamun di hareupeun Stasion Shibuya, henteu kanyahoan, bet aya anu diuk di gigireun. Direret teh jajaka. Kasep sigana mah, ngan da henteu disidik-sidik bieu teh. Manehna ungeuk jeung seuri.

"Ngiring calik, kenging pan?" cenah dina basa Jepang loma. Kuring unggeuk. Ngarti kuring oge ari saukur sakitu mah. Apan Nining kung si ngajarkeun wangkongan sapopoe mah.

"Resep ningalina," cenah deui.

"Maksadna, resep ningali naon?" kuring mairan. Hayang seuri teh dina hate bet aya pikiran, sugan we jodo..."

"Ningali eta... anu geulis, ari ka dieu teh sok lami calik di dieu."

Kuring imut. Asa atoh disebut geulis. "Oh, enya nuju ngantosan sobat. Ayeuna nuju samel di pabrik elektronik," tembal teh.

"Sami atuh, abdi ge nuju ngantosan sobat. Engke tabuh lima, pami aya kareta liren, tah sobat abdi, Eisabura Ueno, pasti datang."

ENyawe, begitu aya kareta anu eureun pukul lima sore leuwih lima menit, eta lalaki teh amitan. Isukna geus nyampurkeun deui basa kuring keur diuk dina bangku. Ngobrol deui ka ditu ka dieu. Basa aya kareta anu eureun pukul lima sore, manehna amitan. Kitu nepi ka samingguna. Basa kuring nyebutkeun rek balik ka Indonesia isukan, manehna nyodorkeun leungeunna.

"Nuhun tos direncangan," cenah. "Pami ka Jepang deui, ka dieu ameng. Da abdi mah aya wae di Stasion Shibuya."

"Nami teh saha?" ceuk kuring panasaran. "Abdi mah Asih."

"Hanchiko," cenah, terus amitan rek muru sobatna anu turun tina kareta api, ngeleungit lebah patung anjing anu ngabagug di hareupeun stasion.

**
NGAGEBEG ngadangu ngaran Hachiko teh. Kungsi ningali buku di imah Miho anu dijudulan gede: HACHIKO.

"Dongeng Hachiko teh terkenal pisan di Jepang mah," ceuk Miho basa kuring nyimpang jeung nananyakeun buku Hachiko. "Unggal imah di Jepang sigana teh nyimpen carita Hachiko, naha dina buku atawa film. Hachiko teh anjing bogana profesor Eisaburo Ueno. Unggal poe Hachiko nganteur profesor nepi ka Stasion Shibuya. Profesor Eisaburo teh ngajar di Universitas Tokyo. Sorena, Hachiko ngajemput deui. Hiji wkatu, Profesor Eisaburo maot di kampus. Tapi, Hachiko mah unggal poe oge ngajemput ka Stasion Shibuya. Nepi ka sapuluh taunan cenah kituna teh. Rea anu simpati kana carita Hachiko. Matak terus ditulis dina buku difilmkeun malah sijieun patungna dihareupeun Stasion Shibuya. Sosobatan Hachiko jeung Profesor Eisaburo Ueno teh kajadian nyata taun 1920-an."

Kuring gigideug. "Moal mungkin. Aheng atuh lamun jajaka anu nyampeurkeun kuring teh Hachiko eta. Sigana lain eta, enya oge ngaleungit lebah patung anjing."

Miho anu jadi indung-angkat Nining, nangkeup kuring. "Anaking hirup teh anya pinuh ku anu aheng," pokna halon. "Apan sosobatan anjeun jeung Nining ge aya ku aheng. Nining mah tos teu aya, maot basa kacilakaan kasetrum di pabrik. Lima taun katukang eta teh. Tapi, anjeun, apan unggal taun, unggal pakanci, ka dieu cenah rek manggihan Nining. Enya oge dina derna mah anjeun teh saukur ngalamun salila-lila di Taman Inokashira jeung Stasion Shibuya."

Kuring ngagukguk dina tangkeupan Moho.***
Cilembu, 31-3-2016


Lina Herlina, ngarang dina basa Sunda jeung Indonesia.

Rujukan:
[1] Disalin dari karya Lina Herlina
[2] Pernah tersiar di surat kabar "Pikiran Rakyat" edisi Minggu 24 Juli 2016

0 Response to "Antara Inokashira jeung Shibuya"